Bismillah nu janten sekar pangiring catur, muru gapuraning lawang, banjaran jatining bagja.
Mugia sing janten panghias rasa, tarate hate, malati ati anu janten pangemat aworna omel jeung amal.
Dituturkeun ku Alhamdu, nujanten panundung rarambuning takabur, nungagujud dina kalbu, nyingkahkeun riya,sum'ah nu pasolengkrah dina manah. Nyingkahkeun gumede nu sumare dina hate. Anu sok meungpeuk tembusna cahaya kudus kana kalbu, janten hahalang jorelatna teja Al-Quran kana manah.
Dipirig kalimah, kalih sahadat dua lir sumpah,jangji moal lunca-linci luncat mulang udar tina tali gadang.
Moal ngijing sila bengkok sinembah ka Gusti Allah, estuning rek husu nuturkeun galur ti Rosul, naratas jalan para sahabat, ngajalankeun kanyaahna para ulama, dina pola papantunan hirup. Hirup hurip nu diharep, sugih mukti nu dipamrih, bagja mulya nu diseja, unjul punjul di nu disusul.
HIRUP KATUNGKUL KU PATI,PAEH TEUNYAHO DIMANGSA.....
sangkan hirup atiati ngajaga lampah jeung basa.

1 komentar:
like this....pengen bisa nerjemahin ke Indo tapi susah...ga semua bahasa sunda ada artinya di bahasa Indonesia
:D
Posting Komentar